Senin, 31 Oktober 2016

Cara membuat peuyeum bandung

"PEUYEUM"







● Bahan Membuat Tape Singkong :
- 1 kg singkong, kukus hingga matang dan empuk
- ragi peuyeum atau ragi beras secukupnya


● CARA MEMBUAT TAPE  PEUYEUM :
- Setelah singkong rebus dingin, lumuri seluruh permukaan singkong dengan ragi lalu simpan dalam wadah kedap udara selama 1 malam.
- Ikat singkong beragi satu per satu dengan menggunakan tali lalu simpan kembali dengan posisi tergantung pada suhu ruang selama 2 malam.

Carpon Bahasa sunda

"Labuh ti sapedah"



    Jaman baheula keur urang leutik keneh,urang belajar sapedah di ajarkeun ku bapa.Bapa urang ngajarkeun numpak sapedah nepi ka urang bisa.Isukna urang di ajarkeun deui ku bapa numpak sapedah di lapangan,bapa nyeukeul baju urang titukang.Ka itung"hiji.. dua..tilu.." ngagiwes kayuh,urang bisa gowes sapedah kalayan lancar.Urang atoheun pisan lantaran geus bisa numpak sapedah.Pas sore na keur sasapedahan jeung babaturan,tiba-tiba weh "GEDUBRAKKKKKK" weh labuh katiban sapedah.Sukuna baeeuh jeung ngalucur geutih hubgjul.Ku babaturan urang di anterkeun nepi ka imah.Pas si imah bapa jeung mama teh meni panik,langsung weh urang di bere obat.Lantaran nyandung batu,ban sapedah kempes urang ceurik teu ereun-ereun.Ges kitu shok mbung deui numpak sapedah.Di terangkeun ku bapa lamun numpak sapedah kudu lalaunan hati-hati ulah sarudak saruduk.Geus kitu weh urang mikir eta kajadian labuh ti sapedah teh palajaran lamun numpak sapedah teh kudu hati-hati.

Materi Dongeng pelajaran bahasa sunda


DONGENG
Perkara Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge anu kesan pamohalanana teh teu karasa, nyaeta dongeng-dongeng anu nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng-dongeng si kabayan.
Contona nyaeta :
1. Dongeng “Sakadang kuya jeung sakadang monyet”
2. Dongeng “Sasakala tangkuban parahu”
3. Dongeng “Sasakala maung panjalu”
Isi dongeng umumna ngandung atikan moral.
Dogeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumberna sacara lisan, dongeng di dongengkeun deui. Munasababna upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi teh.
Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan nyaeta :
●Dongeng Sasakala (Legenda)
  Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.
Contona dongeng :
a. Sasakala Situ bagendit
b. Sasakala gunung tangkuban parahu
c. Sasakala talaga warna
d. Sasakala maung panjalu
e. Sasakala uncal tandukan
f. Sasakala pare


●Dongeng Babad (Sage)
  Anu dimaksud dongeng (sage) teh nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Contona :
a. Dongeng kean santang
b. Dongeng seh abdul muhyi
c. Dongeng prabu siliwangi
d. Dongeng dipati imbana gara
e. Dongeng sunan penana di puntang
●Dongeng Sasatoan (fabel)
   Dongeng Sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona :
a. Sakadang kuya jeung sakadang monyet
b. Sakadang peucang
Dongeng Jelema Biasa
Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Conto anu paling kamashur dina sastra sunda nyaeta dongeng-dongeng sikabayan.
Dongeng Para Nabi/Wali
Dongeng Pieunteungeun
Dongeng Pamuk

Sumber dari :

contoh pupuh sunda


1.PUPUH ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.

2.PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.

3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.

4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.

5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.

6.PUPUH GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.

7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.

8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.

9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.

10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.

11.PUPUH MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
KASAR - LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.

12.PUPUH MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.

13.PUPUH MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)
NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.

14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.

15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.

16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.

17.PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)
TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Sumber dari: http://www.mawarnada.com/2012/05/pupuh-sunda-17-macamjenis-dengan-contoh.html?m=1

Minggu, 30 Oktober 2016

Jenis pupuh sunda

Jenis pupuh sunda

Tujuh Welas Pupuh
Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya eta:
1.Asmarandana,ngagambarkeun rasa kabirahian,deudeuh asih,nyaah.
2.Balakbak,ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3.Dangdanggula,ngagambarkeun katengtreman, kawaasan,kaagungan,jeung kagumnbiraan.
4.Durma,ngagambarkeun rasa ambek,gede hate,atawa sumanget.
5.Gambuh,ngagambarkeun kasedih,kasusah atawa kanyeri.
6.Gurisa,ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
7.Juru Demung,ngagambarkeun nu bingung,susah ku pilakueun.
8.Kinanti,ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun atawa kanyaah.
9.Ladrang,ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10.Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11.Magatru,ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,mapatahan.
12.Maskumambang,ngagambarkeun kanalangsaan,sedih bari genes hate.
13.Mijil,ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
14.Pangkur,ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15.Pucung,ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
16.Wirangrong,ngagambarkeun nu kawiwirangan,era ku polah sorangan.

  1. 17.Sinom,ngagambarkeun kagumbiraan,kadeudeuh.
  2. Tujuh Welas Pupuh
  3. Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya eta:
  4. 1.Asmarandana,ngagambarkeun rasa kabirahian,deudeuh asih,nyaah.
  5. 2.Balakbak,ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  6. 3.Dangdanggula,ngagambarkeun katengtreman, kawaasan,kaagungan,jeung kagumnbiraan.
  7. 4.Durma,ngagambarkeun rasa ambek,gede hate,atawa sumanget.
  8. 5.Gambuh,ngagambarkeun kasedih,kasusah atawa kanyeri.
  9. 6.Gurisa,ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  10. 7.Juru Demung,ngagambarkeun nu bingung,susah ku pilakueun.
  11. 8.Kinanti,ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun atawa kanyaah.
  12. 9.Ladrang,ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
  13. 10.Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  14. 11.Magatru,ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,mapatahan.
  15. 12.Maskumambang,ngagambarkeun kanalangsaan,sedih bari genes hate.
  16. 13.Mijil,ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
  17. 14.Pangkur,ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  18. 15.Pucung,ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
  19. 16.Wirangrong,ngagambarkeun nu kawiwirangan,era ku polah sorangan.
  20. 17.Sinom,ngagambarkeun kagumbiraan,kadeudeuh.